Jumat, 20 Desember 2013
PANGJAJAP ACARA PERNIKAHAN
"Muqodimah"
Para sepuh nu linuhung,para pupuhu papayung iyeu nagri,para tamu nu garandang girinding,kadang mitra sadaya !
Kalayan Asmana Pribumi Bapa (.....) nyanggakeun raos bingah pareng disumpingan,wilujeung rawuh,sumangga dihaturan linggih.Cunduk waktu nu rahayau ninggang mangsa nu utama,malati linggarna ati,campaka mangkak na dada,kembang tanjung nu gumulung,sumgngga acara dipitembeyan.Lalangse panyana hate ayena urang singraikeun,geusan mapag balebat dibeulah wetan,rek balayar tarik jangkar mapag jalan nu ngembat taya simpangan,namung memeh kebat nya lumampah,
ranggeuyan acara urang sebatan ;
Nu ka hiji,eusina :
1.Maos ayat suci Al-Qur'an
2.Laporan nu mapag panganten pameget.
Nu kadua seren bakal panganten di tema ku penampian.
Nu katilu akad nikah disusul ku hormat sungkem.
Nu kaopat piwuruk awuran sepuh.
Nu kalima manjatkeun du'a,minangka pamungkas acara.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar