Jumat, 20 Desember 2013
PANGANTEUR AKAD NIKAH
Malati ligarna ati,campaka mangkak na dada,hate ratug tutunggulan,mareng cinta jeung cita rek diamprokeun ujang....nu kasep,ka nyai......nu geulis.
Mun kamari kungsi aya carita,antara dua waruga ujang jeung nyai nu wayahna ka tunda ela,samemeh masing-masing boha tihang geusan pamuntangan.Basa jalan sisimpangan geus ngabulungbung,ujang mah mengkol ka kenca,nyai mah meureun ka katuhu.Udagan tunda na dada,Ujang Nyai !! Kiwari jalan teh tepung ngahiji deui,prak bageur geura leumpang babareungan mapay jalan nu ngembat taya simpangan.
Para Hadirin Sadaya !!!
Aya manggah manjing asak,ditotog lebah gagangna puguh we aya jalan komo meuntas,mobok manggih gorowong,ku urang sami kasaksen,yen sepuh dua pihak sami ikrar,manah rumojong kana kahoyong para putrana,manjing kana sisindiran.
Batu turun keusik naek itu purun abdi ge daek.Iyeu wayang itu wayang,wayangna wayang arjuna,itu hayang iyeu hayang,hayangna kabina bina,keur mungkas carita lagas,lalakon waktu rumaja,jog anjlog kadunya anyar,duh ieung laksana kabale nyuncung,gaguparaning rumah tangga,bakal sasalimpetan sareng susulumputan.
Kantun rukun nu utami akad nikah nu dianti.Ka petugas KUA nyakitu ka bapak amilna,ngahaturanan ngagarap hance-nganana.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar