Jumat, 20 Desember 2013

" Conto Uleman Walimah "

( 1 ) Jangji pasini anu bihari sapta subaya anu baheula,kiwari geus ngajadi,wincikan ati anu wanci rarabi,ka untun tipung ka tambang beas,saluyu nurub cupu,buktos sareng nyata dina kedalna cinta dua insan anu mulya.Disarengan ku widina anu maha suci,kersana anu maha kawasa. Bewara anu maha beja,carita anu baris nyata,asih nu ngancik jadi pamatri,subaya munggaran jadi panyangcang,rasa sajorelat ngait meungket ngaruhit duriat,tresna jangji nu pasini,tanjizi hadist bakal nyata ayena,cunduk waktu nu rahayu,ninggang mangsa nu utama,balebat mangsana miang,geusan mungkas adegan lalakon,ninggalkeun alam lalagasan,beber layar tarik jangkar,naratas kedalna jatining sukma,ngumbar sawangan alam joang,muru derajat liwat marga utusan,ngemban tugas Al-Kholiq Ar-Rohman. ( 2 ) Tansah jiad hibaring pang du'a anu kateda,sangkan panganten saklih mangkon karahayuan,pinanggih jatining hirup,tinemu rahayu hirup.Bawi raos bakal bingah liwat saking saupami sadayana medar do'a dikacaketan. Nu dipamrih iqrar jiad pangdu'a ka panganten sakalih,mugia mangkon karahayuan,dina ngambah kabagjaan anu ligarna heunteu usuman. ( 3 ) Pangjurung laku marganing rahayu,pidu'a anu kateda ti para ikhwan-akhwat,mugia luntur kalbu wening galih,kersa ngadu'a dina waktosna,timpah nuhun teu aya wates wangenna.Asih nu ngancik jadi pamatri,subaya munggaran jadi panyangcang rasa,dirungrung ku du'a pangjurung sepuh,mugia tinekanan pangistranan ka bale nyungcung dina mangsana. ( 4 ) Tansah hibaring pangdu'a anu kateda ti para bapa,anu ditunggu-tunggu tipara guru jeung ibu-ibu,pangheman ti para ikhwan,pangwuwuh tinu janten sepuh,jiad pangdu'a tisadayana.Kana kaweningan galih bapak,ibu,saderk sadayana timpah nuhun tianggalna. ( 5 ) Guar munggaran anu gelar jadi cimata,nya mangsana naratas kedalna cinta,beber layar tarik jangkar,mungkas alam lalagasan,jangji asih anu bihari rek dipatri ku jatukrami tali paranti ti kangjeung nabi,muga Alloh anu maha agung jumurung ku welas asih dina mangsana.Raos kagunturan madu wangi kembang kahiyangan saupami warga sadaya luntur galih matri ku puji mirig du'a dina waktosna. ( 6 ) Hatur nuhun laksa keti kabingahan kana kaweningan galihna,kawih asih balabuhan rasa katineung,gupay kelar eunteup geugeut pameungkeut rasa kameumeut,jangji asih anu bihari,pasang subaya anu baheula seja dipatri ku jatukrami.Insya Alloh mugia etangan ninggang sampurna dina waktosna. Taya sanes panyakseni anu dianti-anti,pidu'ana anu diseja,diwuwuh ku kuharepan Do'a tisadayana dina waktosna,timpah hatur sewunuhun. ( 7 ) Kawengku ku waktu anu ditunggu-tunggu,kabandang kupasini jangji anu kungsi dipatri,mundut mangsa naratas sunah nabi,nungtun khusyu mawa bagja,segema dasar agama mugia widi sareng ridlo jatukrami aranjena.Raos bagja anu katampi ti sadayana kanggo ngaikrarkeun dua malar panganten mangkon rahayu dina ngmbah sagara rumah tangga.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar