Jumat, 20 Desember 2013
" PANGANTEUR SAWER "
Hadirin rohimakumulloh !!!
Ku endah itu gunung ngarunggunuk,ngalamuk paul katuruban mega bodas,lir putri keur kuleum seratus tahun,duh ku waas itu lautan mayakpak lir tanpa batas,disieup ku pating saruyukna ombak,lir nu ngajangjikeun sarebu kaendahan,asa naon teuing mun ngalakonan?,meureun bagja karasana?,ayena akad nikah tos lekasan,carita bujang jeung lajang ayeuna tinggal sawangan,kari mangkat beber layar,mangka teger cekel kemudi,tapi memeh kebet nya lumampah,sesepuh nu pinuh ku pangalaman bade mekeulan,ngawur ku piwuruk,mikamelang ku papatah,ngagupay pinuh kanyaah,bisi gunung rumpil jalanna,bisi laut gede ombakna,sumangga ka (Pangersa) dihaturanan ngadugikeun sawerna.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar