Jumat, 20 Desember 2013
PANGANTEUR SEREN BAKAL PANGANTEN
Selenting bawaning angin kolepat bawaning kilat,manggih beja,aya jajaka,rek nyaba rek nyusul jangji pasini,rek ngaguar subaya anu katunda,brul ngagimbung,bral ngarantay,legeudet aleuteunana,kalayang kalakay ragrag.Gurat badag pasejaan para tamu tos kateguh,namung wincian pangeusi galih,guaran kandungan manah,eta mah tacan katorah,geusan ngabejer beaskeunana sumangga wawakil ti para tamu dihaturanan tandang makalngan.
PANGANTEUR NAMPI PANGANTEN
Dulur-dulur anu sami hadir !
Sakitu pisaur sepuh,wawakil tipara tamu,diguar paragrat nemrak,sihoreng simana horeng,keuna kana paripaos,caang bulan ambil-ambilan,turuktu hayam kasintu,seja ngambil tuang putra purah nutu purah nyangu,purah ngasakn baligo,purah calik dina lampit,purah tunggu imah gede,kituna teh bari nyekel tutungkusan.Gunung luhur aya tutugan ku jangkungna.Sagara mayak-pak lir tanpa tepi ku legana.Bawiraos kabingah pribumi mah langkung tikitu.
Giliran nu kasumpingan,bilih tamu oundung manten,enggal gera bageakeun.
Ka (Sdrk) anu kapancen dihaturanan majeung kapayun.
PANGANTEUR SEREN SUMEREN SIMBOLIK
Guar pasejaan paragat nemrak,panampian kakuping jentre,namung naon anu kasanggakeun sareng nu katampi nembe babasan,tawis tampan tinampan ti dua pihak,seren sumeren simbolik,sumangga cacandakan nu bade kadugikeun di kapyunkeun,oge wawakil tatamu sareng wawakil pribumi anu bade seren sumeren,majeng kapayun.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar