Jumat, 20 Desember 2013
" PAGANTEUR DU'A "
Runtuyan saur piwuruk,ranggeuyan fatwa piwejang,ngagalindeung matak nineung,keur obor dimana poek,keur iteuk dimana leueur,batur ludeung waktu keueung,batur bungah mangsa susah,paragi nyaliksik diri,ngarampa jeung maca awak,hatur nuhun pisan ka(pangersa),muga ageung manfaatna,
amin ya robbal alamin.
Giliran nu panungtungan acara urang lekasan,geura pateng mapat do'a munajat kanu kawasa,minangka jajap panganten,rek nuju bahtera rumah tangga,geusan pinanggih jeung kabagjaan,kanggo nyesepuh du'a,
disanggakeun ka (pangersa).
"PANUTUP ACARA"
Tutug rampung tuntas paragat,acara di papas pungkas,mangga urang sami-sami rampak ngaos hamdallah.
Alhamdulillahirobbil'alamiin"
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar