Jumat, 20 Desember 2013

PANGJAJAP ACARA PERNIKAHAN

"Muqodimah" Para sepuh nu linuhung,para pupuhu papayung iyeu nagri,para tamu nu garandang girinding,kadang mitra sadaya ! Kalayan Asmana Pribumi Bapa (.....) nyanggakeun raos bingah pareng disumpingan,wilujeung rawuh,sumangga dihaturan linggih.Cunduk waktu nu rahayau ninggang mangsa nu utama,malati linggarna ati,campaka mangkak na dada,kembang tanjung nu gumulung,sumgngga acara dipitembeyan.Lalangse panyana hate ayena urang singraikeun,geusan mapag balebat dibeulah wetan,rek balayar tarik jangkar mapag jalan nu ngembat taya simpangan,namung memeh kebat nya lumampah, ranggeuyan acara urang sebatan ; Nu ka hiji,eusina : 1.Maos ayat suci Al-Qur'an 2.Laporan nu mapag panganten pameget. Nu kadua seren bakal panganten di tema ku penampian. Nu katilu akad nikah disusul ku hormat sungkem. Nu kaopat piwuruk awuran sepuh. Nu kalima manjatkeun du'a,minangka pamungkas acara.

PANGANTEUR BUBUKA

Nyukcruk jalur sunah rosul,pedah aya mapag anu diseja,nu dipalar maksad hasil,tong petot urang tawakal,geus lumrah dimana-mana keur sakumna umat islam dimana rek milampah hade,sok ngaoskeun basmallah.Sumangga urang rampak sasarengan ngaoskeun ayat basmallah; "Bismillahirrohmanirrohiim" "PANGANTEUR NGAOS AL-QUR'AN" Hadirin kadang mulya sadaya! Mun balayar tanpa kamudi, Palangsiang katambias Mun hirup tanpa kendali Palangsiang bakal sasab Poekeun jalan leungiteun udagan Ngan bagja keur sakumna umat islam Hirup teh boga pedoman buktosna kitab Al-Qur'an. Bisi lempang pareng sasab mun balayar pareng katambias,rampang reumpeung poekeun jalan sorangan,sangkan manah jadi caang,guligah ku katengtreman kalayan maksad ibadah,sumangga urang sami-sami dangukeun aosan ayat suci Al-qur'an anu bade digalindeungkeun ku : (Sdrk),sumangga anu kapancenan dihaturanan. "PANGANTEUR NGANUHUNKEUN" Galindeungna kalam ilahi mapaler hate nu cape,nguapahan manah nu susah,rembes nembus kana sanubari sumarambah kana bayah,sumeleket kana hate,nyaliara minuhan awak,sok komo ngartos maknana,cacak dirarampa geuning nikmat karaosna. Deudeul du'a,mugia ageung manfaatna husus kanu ngaosna,oge walatra ka urang sadayana,Amiiin.

PANGANTEUR SEREN BAKAL PANGANTEN

Selenting bawaning angin kolepat bawaning kilat,manggih beja,aya jajaka,rek nyaba rek nyusul jangji pasini,rek ngaguar subaya anu katunda,brul ngagimbung,bral ngarantay,legeudet aleuteunana,kalayang kalakay ragrag.Gurat badag pasejaan para tamu tos kateguh,namung wincian pangeusi galih,guaran kandungan manah,eta mah tacan katorah,geusan ngabejer beaskeunana sumangga wawakil ti para tamu dihaturanan tandang makalngan. PANGANTEUR NAMPI PANGANTEN Dulur-dulur anu sami hadir ! Sakitu pisaur sepuh,wawakil tipara tamu,diguar paragrat nemrak,sihoreng simana horeng,keuna kana paripaos,caang bulan ambil-ambilan,turuktu hayam kasintu,seja ngambil tuang putra purah nutu purah nyangu,purah ngasakn baligo,purah calik dina lampit,purah tunggu imah gede,kituna teh bari nyekel tutungkusan.Gunung luhur aya tutugan ku jangkungna.Sagara mayak-pak lir tanpa tepi ku legana.Bawiraos kabingah pribumi mah langkung tikitu. Giliran nu kasumpingan,bilih tamu oundung manten,enggal gera bageakeun. Ka (Sdrk) anu kapancen dihaturanan majeung kapayun. PANGANTEUR SEREN SUMEREN SIMBOLIK Guar pasejaan paragat nemrak,panampian kakuping jentre,namung naon anu kasanggakeun sareng nu katampi nembe babasan,tawis tampan tinampan ti dua pihak,seren sumeren simbolik,sumangga cacandakan nu bade kadugikeun di kapyunkeun,oge wawakil tatamu sareng wawakil pribumi anu bade seren sumeren,majeng kapayun.

PANGANTEUR AKAD NIKAH

Malati ligarna ati,campaka mangkak na dada,hate ratug tutunggulan,mareng cinta jeung cita rek diamprokeun ujang....nu kasep,ka nyai......nu geulis. Mun kamari kungsi aya carita,antara dua waruga ujang jeung nyai nu wayahna ka tunda ela,samemeh masing-masing boha tihang geusan pamuntangan.Basa jalan sisimpangan geus ngabulungbung,ujang mah mengkol ka kenca,nyai mah meureun ka katuhu.Udagan tunda na dada,Ujang Nyai !! Kiwari jalan teh tepung ngahiji deui,prak bageur geura leumpang babareungan mapay jalan nu ngembat taya simpangan. Para Hadirin Sadaya !!! Aya manggah manjing asak,ditotog lebah gagangna puguh we aya jalan komo meuntas,mobok manggih gorowong,ku urang sami kasaksen,yen sepuh dua pihak sami ikrar,manah rumojong kana kahoyong para putrana,manjing kana sisindiran. Batu turun keusik naek itu purun abdi ge daek.Iyeu wayang itu wayang,wayangna wayang arjuna,itu hayang iyeu hayang,hayangna kabina bina,keur mungkas carita lagas,lalakon waktu rumaja,jog anjlog kadunya anyar,duh ieung laksana kabale nyuncung,gaguparaning rumah tangga,bakal sasalimpetan sareng susulumputan. Kantun rukun nu utami akad nikah nu dianti.Ka petugas KUA nyakitu ka bapak amilna,ngahaturanan ngagarap hance-nganana.

PANGANTEUR SUNGKEM

Anaking jimat awaking !!!! Ayena akad nikah geus lekasan,carita lajang jeung bujang,ayeuna geus mangsa tuntas,diwaktu urang keur lagas,kiwari tinggal ka waas. Bebene pameler hate geus nyanding digigireun,ka untun tipung ka tambang beas,laksana ka piduriat. Baeu Anaking !!!! Dunya muter marengan kahirupan manusia,susah jeung bungah gasar geser,lir beurang kaganti peuting.Sakapeung karasa amis sakapeung karasa pait,mun amis karasa kareutna,mun pait ngadilen na letahna,nyakitu lalakon nu karandapan ku urang duaan,bakal pinanggih jeung rupa-rupa panglaman.Ayeuna hideup keur jadi raja jeung ratu,dijeujeuhkeun,pada nuyun pada ngamping,peupeujeuh bageur,ulah aya basa kacang poho kana turus,komo mun beber layar tarik jangkar rek misah macakal sorangan,ngamudi parahu rumah tangga,geura ngeureuyeuh bageur,nyu'uh kana lahunan anjeuna, suhunkeun karidoan aranjeuna,rumasa tong ngahesekeun,suhunkeun widi,malah mandar pinanggih jeung pangasih ilahi. Sumangga ka nu mupuhuan sungkeum,dihaturanan.

" PANGANTEUR SAWER "

Hadirin rohimakumulloh !!! Ku endah itu gunung ngarunggunuk,ngalamuk paul katuruban mega bodas,lir putri keur kuleum seratus tahun,duh ku waas itu lautan mayakpak lir tanpa batas,disieup ku pating saruyukna ombak,lir nu ngajangjikeun sarebu kaendahan,asa naon teuing mun ngalakonan?,meureun bagja karasana?,ayena akad nikah tos lekasan,carita bujang jeung lajang ayeuna tinggal sawangan,kari mangkat beber layar,mangka teger cekel kemudi,tapi memeh kebet nya lumampah,sesepuh nu pinuh ku pangalaman bade mekeulan,ngawur ku piwuruk,mikamelang ku papatah,ngagupay pinuh kanyaah,bisi gunung rumpil jalanna,bisi laut gede ombakna,sumangga ka (Pangersa) dihaturanan ngadugikeun sawerna.

" PAGANTEUR DU'A "

Runtuyan saur piwuruk,ranggeuyan fatwa piwejang,ngagalindeung matak nineung,keur obor dimana poek,keur iteuk dimana leueur,batur ludeung waktu keueung,batur bungah mangsa susah,paragi nyaliksik diri,ngarampa jeung maca awak,hatur nuhun pisan ka(pangersa),muga ageung manfaatna, amin ya robbal alamin. Giliran nu panungtungan acara urang lekasan,geura pateng mapat do'a munajat kanu kawasa,minangka jajap panganten,rek nuju bahtera rumah tangga,geusan pinanggih jeung kabagjaan,kanggo nyesepuh du'a, disanggakeun ka (pangersa). "PANUTUP ACARA" Tutug rampung tuntas paragat,acara di papas pungkas,mangga urang sami-sami rampak ngaos hamdallah. Alhamdulillahirobbil'alamiin"